Minggu, 24 Maret 2013

Puisi sunda


 Ulah Rusuh
Silas Philips
Urang hirup kudu siga cai hujan
Cai hujan anu mapay dina daun
Lambat,laun henteu rusuh
Da nepina tangtu ka akar
Urang hirup ulah rusuh
Da kalangkang tangtu nutur

Sapertos kuring mancing di balong agueng
Loba piliheun lauk
Tapi duka numana nu bakal kabawa
Urang hirup ulah rusuh
Da sagalana tos aya nu ngatur
Kudu siga huis dina buuk
Lila,lila,lila sumpingna
Tapi tangtu bakalan aya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar